Selasa, 26 Januari 2021

HIRUP SEHAT

 Sadaya jalmi ogé tos terang, nu langkung penting mah nyaéta kaséhatan diri urang sorangan. Keur naon seueur artos ogé, lamun ceunah awakna kirang sehat mah atanapi gégéringan baé, da moal bakal bisa kukumaha lamun gering mah, moal bisa sakola, barang gawé, jeung lian sajabana.


Jadi, kumaha carana supaya urang sehat teh? Diantawisna nyaeta, istirahat anu cekap, rajin olah raga, sareng asupan gizi anu cekap tina kaemaman. Nah, eta teh kalebet cara kanggo ngajagi kasehan diri urang. Terus, anu langkung penting nyaeta ulah loba teuing mikiran masalah dina kahirupan urang, sing émut da pangeran mah moal masihan ujian atanapi cobaan diluar batas kamampuan urang.


Nah, ku kituna mangga urang jaga diri utamina dina kasehatan diri urang, kawit ti ayeuna. Mun saurna papatah mah saurna “Sadia payung sateuacan hujan” Eta nu langkung saé supados urang henteu kaduhung ahirna, da salaku manusa urang kudu silih ngingeutan, da jumeneng mah moal salamina.


Wasta : Soviah

Kelas  : XII IPA 2

HIRUP SEHAT

 Sadaya jalmi ogé tos terang, nu langkung penting mah nyaéta kaséhatan diri urang sorangan. Keur naon seueur artos ogé, lamun ceunah awakna ...